Jumat, 01 Maret 2013

=== PANTUN SUNDA ===

PANTUN SUNDA

Jalan-jalan ke tegal lega, beli sayur dan buah markisa
Jadi orang jangan balaga, dijauhan ku batur baru tau rasa

Ke cikini membeli dukuh
Wayah gini masih tunduh

Nini-nini nginum jajamu
Hari ini masih kangen surangen sama kamu

Nini-nini tumpak gajah sambil colohok
Hari ini kamu mau kemana ajah hok?

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
Cai ngeclak ninggang nu munnu laun-laun jadi....

Ka cipago tuluy ka cikijing
Hallo surallo wilujeng enjing

Siang-siang maen putsal, biar jago nginum jajamu
Jangan marah jangan kesal, ituh ada cileuh di matamu

Di pantai ada ubur-ubur, ubur-ubur masuk kendi
Nu dareukeut kalalabur, karena kamu cadu mandi

Jalan-jalan ke melaboh, di jalan ada kalong wewe
Jangan ngaku-ngaku boga kabogoh, jomblo mah jomblo weh

Ada pelangi di matamu
Wilujeng wengi hey kamu-kamu

Nini-nini make batik
Hari ini kamu cantik

Nini-nini meuli aci tarigu
Aku udah benci kamu

Nini-nini tinggal sama kake-kake
Hari ini kayanya ngebangke

Nini-nini mawa obor
Hari ini jadwalnya molor

Nini-nini mawa lilin
Hari ini rek ulin

Ka cikijing terus ka singaparna
Wilujeng enjing ka sadarayana

Ka gorontalo jalannya ke tonggoh
Biarpun jomblo tapi eweuh nu bogoh

Makan siang bari diuk na aspal
Wajahku ganteng tapi eweuh nu apal

Ada hayam hayam kate, hayam kate dari cihaur
Sia-sia PDKT, kaboro direbut ku batur

Ka pasar beli sajadah, nyimpang dulu ka tukang baso urat
Hirup mah kudu getol ibadah, agar selamet dunya akherat

Jalan-jalan ke gorontalo, disana ada sebuah candi
Pantesan ajah kamu ngajomblo, ternyata kamu cadu mandi dan ngosok gigi

//// HESE GENING NYOPET NA ////

HESE NYOPETNA

Saminggu deui ka lebaran Ohim re balik ti jakarta. Ohim nelpon anakna di lembur..

Ohim: “haalloo jang kumaha cageur?


Ucil: uing cageur pa..

Ohim: si ema cageur..?

Ucil: cageur pa.. iraha bapa uih?

Ohim: minggu hareup jang..

Ucil: bawakeun oleh2 nya pa..

Ohim: enya sok sebutkeun hayang naon??

Ucil: “asseekk! uing hayang hp blekberi pa..meh gaya ka neng rina..

Ohim: “enya ku bapa di bawakeun… tuluy hayang naon deui??

Ucil: hayang hendikem pa, meh bisa nyieun pideo jeung neng rina..

Ohim: gampang ke ku bapa di bawakeun..

Tanya si ema, hayang oleh2 naon kituh??

Ucil: pa, ceuk si ema.. ema mah hayang kutang nu mahal cenah pa..

Ohim: ulah nu kitu, tanyakeun deui nu lain kituh!

Ucil: pa, ceuk si ema, mun teu kutang..cangcut we cenah nu alus.. nu didieu geus saroek cenah pa..

Ohim: ulah nu kitu kituh! nu lain we! dompet.. hp.. jam tangan.. kalung… atawa nu lain!

Ucil: embungeun pa, hayang eta wae cenah..

Ohim: euh! bejakeun teu bisa nu kitu mah!

Ucil: “naha pa ?

Ohim: “hese nyopetna!!! :D

JARANG PISAN

JARANG MANDI

Cep Jon Towor katelah rada Jarang Mandi. Hiji mangsa nu jadi lanceukna mamatahan.

" Cik atuh Jon, Sing rajin Mandi.."
" Lah, mandi - mandi teuing, teu boga kabogoh ieuh.. " lanceukna ngahuleng.
Sabaraha bulan ti harita, Jon Towor kebejakuen boga kabogoh. Tapi anggeur weh, jarang mandi keneh bae.

" Jon, sing rajin mandi atuh..."
" Mandi - mandi teuing, kabogoh geus boga.." Lanceukna rada sebel.
" Na ari maneh..?"
" Kieu, teh, tuh tingali ucing, tara katingali mandi..lumpatna tarik.." Lanceukna unggek.
" Ayeuna..tingali lauk..sakitu unggal detik mandi, angguer we hanyir.."


si teteh lanceuk Jon Towor beuki liuer ngabandungan adina nu baong.